SELAMAT DATANG DI WADAH LIRIK LAGU LAGU CAMPURAN

Lirik Lagu "Kahayang Keukeuh"

"Kahayang Keukeuh" - Darso 

 Mimitina iseng
kuresep ngaheureuyanna
Geugeut ka geulisna
Gereget kan bodina

Tina iseng kalah manteng
tina heureuy asup kana hate
tungtungna kuring bebeakan

Ngabelaan nganjuk ngahutang
mahugi hayang kapake
lindeuk - lindeuk japati
rek dicium mah hararese

Usaha anu can hasil
kaburu beakeun modalna
rek ngalamar teu boga duit

Kuring nu ngoleang
manehna kabandang batur
cinta nu kapakan
hate kuring kakalayangan

Kahayang teu kahontal
manehna kawin jeung batur
hate anu peurih
ceurik ceurik ku nalangsa

Duriat pageuh
kahayang keukeuh
ngalamun teu paruguh
nunggu randana

0 Response to "Lirik Lagu "Kahayang Keukeuh""

Posting Komentar

Tinggalkan Komentar anda