Lirik Lagu Darso – Bulan Nyeungseurikeun
Kunaon teu dijauhan
Godaan kalah dikeukeupan
Ngadon maen api
Ngarajut cinta nu pamali
**
Maen rasa jeung maen hate
Salingkuh karasa endah
Pikiran kapoekan
Hate jiga kaparabunan
Rasa cinta anjeun
Rasa sayang anjeun
Ngaleor karebut
Cinta saliwat
Reff
Bulan nyeungseurikeun
Jiga nu mupuas kuring
Tinggal panon cireumbay
Ngan nyurudcud teu katahan
Bulan ulah ngaleos
Baturan kuring bagadang
Ngararasakeun kanyeuri
Anu nyiksa ngahanteum batin
Bere bongbolong
Bere awahan
Kumaha ngubaran
Peurihna hate
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 Response to "Lirik Lagu Bulan Nyeungseurikeun"
Posting Komentar
Tinggalkan Komentar anda