SELAMAT DATANG DI WADAH LIRIK LAGU LAGU CAMPURAN

Lirik Lagu Sakur Ngimpi




Sakur Ngimpi By Darso

Saprak anjeun ngaléos
Ngabeubeutkeun duriat
Hirup asa nunggeulis
Haté mararinggis

Saprak anjeun ninggalkeun
Ngararajéet cinta urang
Pikiran baluweng
Pinuh ku émutan

Sagala rasa kabawa anjeun
Saparo nyawo ngilu ka anjeun
Nikmati hirup leungit teu nyésa
Teuing kamana
**
Létah teu mirasa sagala karasa pait
Saré gulang guling hésé peureum


reff…

Kahayangmah ieu téh sakur ngimpi
Anu ngageuingkeun urang
Tina kasombongan diri

Kahayangmah waktu teh ngulang deui
Sabulan anu katukang
Basa silih keukeupan
Ngahelas kaleungitan
Ngoréjat seseblakan

Lieuk euweuh, lieuk euweuh
Ngagugulung lamunan
Ngarep-ngarep sakur ngimpi
Ngarep-ngarep anjeun datang
Tiap detik gé tatanya
Dimana anjeun
balik ke **

0 Response to "Lirik Lagu Sakur Ngimpi"

Posting Komentar

Tinggalkan Komentar anda